Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari 2009

NASEHAT NU JADI SEPUH KAPUTRANA

NASEHAT NU JADI SEPUH KAPUTRANA : Panon ulah dipake satenjo-tenjona lamun lain tenjoeunnana, ngilikan ieu hayang, ngilikan ieu kabita, . Ceuli, ulah dipake sadenge-dengena lamun lain dengeunnana. Naon nu kadenge ku hidep kudu disaring deui. Irung, ulah saambeu-ambeuna lamun lain ambeueunana, ulah sacium-ciumna lamun lain ciumeunnana. Atuh letah ulah dipake cutak-cetak lamun lain cetakeunnana. Letah ulah dipake ngomong/nyarita anu goreng, sagala diomongkeun, sagala dicaritakeun abongkena biwir teu diwengku letah teu tulangan. Letah bisa seukeut tibatan pedang. Raheut ku pedang bisa diubaran, tapi raheut hate hese di ubaranana. Sarengsena kaum muslimin di dunya ieu ngalaksanakan ibadah puasa, sasasih lamina anu ditutup ku Sholat Idul Fitri,mudah-mudahan hidep sapara kanca aya dina kasalametan jeung kamulyaan. Kartu lebaran ti hidep, tos katampa ku Bapa jeung ema, kalayan kabingahan, sarta syukur ari hidep sehat mah. Bapa, ema jeung dulur-dulur hidep, rengse shalat Idul Fitri ngaya