Minggu, 19 April 2009

NASEHAT NU JADI SEPUH KAPUTRANA

NASEHAT NU JADI SEPUH KAPUTRANA :

Panon ulah dipake satenjo-tenjona lamun lain tenjoeunnana, ngilikan ieu hayang, ngilikan ieu kabita, . Ceuli, ulah dipake sadenge-dengena lamun lain dengeunnana. Naon nu kadenge ku hidep kudu disaring deui. Irung, ulah saambeu-ambeuna lamun lain ambeueunana, ulah sacium-ciumna lamun lain ciumeunnana. Atuh letah ulah dipake cutak-cetak lamun lain cetakeunnana. Letah ulah dipake ngomong/nyarita anu goreng, sagala diomongkeun, sagala dicaritakeun abongkena biwir teu diwengku letah teu tulangan. Letah bisa seukeut tibatan pedang. Raheut ku pedang bisa diubaran, tapi raheut hate hese di ubaranana.


Sarengsena kaum muslimin di dunya ieu ngalaksanakan ibadah puasa, sasasih lamina anu ditutup ku Sholat Idul Fitri,mudah-mudahan hidep sapara kanca aya dina kasalametan jeung kamulyaan. Kartu lebaran ti hidep, tos katampa ku Bapa jeung ema, kalayan kabingahan, sarta syukur ari hidep sehat mah. Bapa, ema jeung dulur-dulur hidep, rengse shalat Idul Fitri ngayakeun acara silaturahmi di imah sakulawarga, anu cukup haru jeung hidmat, nya diteruskeun ngadu’a ka Allah swt, sangkan hidep aya dina katabahan, sehat sarta bahagia jeung aya dina lindungan Allah nu maha kawasa, atuh dina lebara ieu oge, da sanajan anu jadi kolot teu mustahil rea atawa aya kasalahan, Bapa ema oge menta hampura tinu jadi anak, ti hidep. Do’a ti bapa jeung ema nu keur ngumbara, nu aya di rantau, sing ginuluran rahayu ginajar kabagjaan-kamulyaan dunya akherat.
Atuh anu jauh ti lembur da lain urang bae, malah lamun diukur ti manca nagara mah, Kalimantan (samarinda) mah deukeut keneh tibatan batur anu dig awe di Timur Tengah (Arab Saudi), Eropah, Amerika, jeung nagara-nagara lainna. Atuh anu ngalaksanakeun tugas ti pamarentah lain urang wungkul, meureun didinya araya, tah hidep kudu nyonto ka maranehanana anu hirupna tegar, segar, teu nguluwut. Cek Bapa geuning keur naon riung mumpulung oge ari bengkung mah, keur naon naon ngaronyok oge ari barongkok mah. Kajeun pajauh tapi aya dina kamulyaan, soleh sarta cageur baageur, taqwa ka Allah swt, ku Iman jeung Islam hidep, ari jadi jelema anu sehat,mulya jeung taqwa moal ragrag ti langit kitu bae, lamun urang teu usaha jeung ihtiar mah, kudu daek “kerja keras”, diajar keras, serta rikrik geni lamun boga rejeki. Urang lain kudu kabita ku beungharna atawa ku kamajuanana wungkul ti batur the, tapi kudu turutan teh tarekahna, kumaha nepi kahasil kitu the, poma ulah epes meer jeng cengeng, babari nguluwut, babari sedih nyeri hate pedah pajauh, pedah meunang kasusah. Kudu boga jiwa anu kuat, matep tahan bantingan jeung goncangan,bias hirup mandiri, teu sagala ngandelkeun batur. Mun pareng hidp meunang kasusah, kapeurih hate, sing tabah bae, sing kuat. Kudu dianggap susah, sedih, jeung masalah-masalah hirup teh, keur pupuk anu bias ngadewasakeun ka diri urang, atawa kudu narima sacara kanyataan hirup (narima kana takdir) ari urang geus ihtiar mah, atuh lamun urang berhasil dina usaha jeung ihtiar omat ulah sombong jeung takabur, tapi kudu leuwih ngadeukeutkeun diri ka Allah, syukuran. Kade ulah rek aralan, makan hati jeung loba lamunan, anu akhirna ngarusak diri urang sorangan. Inget kana hokum kausalitas; ucap, lampah, pagawean urang ayeuna baris nangtukeun hirup urang ka hareupna. Naha bisa hurip, atawa henteu, kanyeri, kapeurih, lara balangsak. Derita jeung sangsara kudu bisa dijeun modal pikeun hirup lebih dewasa.
Dewasana jelema/manusa ku pinanggih pahit jeung peurih lain ku mamanis. Sing mampu ngatasi pandaritaan, sing nepi ka bisa ngawung jeung ningkatkeun kasejahteraan dirina jeung lingkunganana. Urang kudu bisa hirup rukun runtut jeung sejahtera di tilu lingkungan, nyaeta;
Kahiji, Mimiti kudu rukun jeung sejahtera dilingkungan keluarga (rumah tangga), pek jabarkeun ku hidep…
Kadua, Kudu rukun runtut, sajahtera dilingkungan tempat kerja,
Katilu, Kudu rukun, sejahtera dilingkungan masyarakat.
Keur ngalaksanakeun rukun di tilu lingkungan teh, kudu bisa ngajaga hate, panca indra jeung anggota badan urang.
1. Hate; ulah boga hate goreng, sirik pidik, niat doleka, jail kaniaya ka batur. Ulah boga hate ujub, ria, takabur jeung sombong, ulah aya rasa pinter sing teu deungeun, kudu handap asor, tata-titi, duduga prayoga, jeung sopan santun kasaluhureun, ka sahandapeun jeung ka sasama.
2. Panca Indra; boga panon, ceuli, irung, letah jeung leungeun salaku alat paraba, kudu dijaga hade-hade, ulah dipake anu goreng. Panon ulah dipake satenjo-tenjona lamun lain tenjoeunnana, ngilikan ieu hayang, ngilikan ieu kabita, . Ceuli, ulah dipake sadenge-dengena lamun lain dengeunnana. Naon nu kadenge ku hidep kudu disaring deui. Irung, ulah saambeu-ambeuna lamun lain ambeueunana, ulah sacium-ciumna lamun lain ciumeunnana. Atuh letah ulah dipake cutak-cetak lamun lain cetakeunnana. Letah ulah dipake ngomong/nyarita anu goreng, sagala diomongkeun, sagala dicaritakeun abongkena biwir teu diwengku letah teu tulangan. Letah bisa seukeut tibatan pedang. Raheut ku pedang bisa diubaran, tapi raheut hate hese di ubaranana.
3. Anggota bada; leungeun, suku; kudu bisa dijaga, leungeun ulah scekel-cekelna lamun lain cekeleunnana, ulah sarewang-rewangna lamun lain rewangeunnana, ulah satincak-tincakna lamun lain tincakeunnana. Tah anu tilu rupa tea pek ku kuhidep jaga, ku hidep “kendalikeun”, Insya Allah hidep baris salamet dunya jeung akherat. Lamun pareng hidep, migawe anu salah, kudu buru tobat jeung menta dihampura ka gusti Allah jeung kapapada jalma, ari utamana jadi jela kudu rea batur atawa rea sobat, kudu silih tulungan, silih titipkeun diri, budi jeung akal anu jembar lantaran ti papada jalma.
Sadayana anu dicaritakeun eta teh, anu dina elmu deungeun mah disebutna teh “human relation” . Mugia hidep bisa ngalaksanakeun eta nu tos dicaritakeun diluhur, dina nyanghareupan pagawean naon wae oge. Kudu bisa hade jeung sakabeh jalma, itu ngenah, ieu ngeunah. Sekieu bae heula. Amien.